3 Conto Nyaritakeun Tokoh Idola (Materi Poko Basa Sunda)

Wilujeng sumping deui di blog Artikel Pandai, dinu kasempatan ieu simkuring bakal ngabahas materi poko bahasa sunda ngenaan "Nyaritakeun Tokoh Idola". Biasana dinu materi poko ieu siswa dititah nyeiun tulisan nu eusina nyaritakeun tokoh idola maranehna terus dicaritakeun di harepeun kelas. Mangga urang simak wae pembahasanna dihandap.

Nyaritakeun Tokoh Idola

     Nyaritakeun tokoh idola, hmm... ieu mah pasti karesep hidep pisan nya?  Dinu pangajaran nu ayeuna, hidep  bakal di piwarang nyaritakeun tokoh idola hidep timimiti ngaran, padumukan, tempat tanggal kalahirannana dugi kagiatannana sapopoe.
Materi Poko

A. Titenan Conto Nyaritakeun Tokoh Idola Hidep Dihandap

     Unggal jalma pasti miboga tokoh idola, hidep oge pasti miboga tokoh idola, tangtuna jalma anu pangdipikaresepna, alatan resep ka eta tokoh teh bisa rupa-rupa. Bisa tina kageulisannana, kasepna, pinterna, jagona, lucuna, sikep hirupna, handap asorna jeung sajabana. Nu dijadikeun tokoh idola teh umumna ti kalangan olahragawan, artis film/sinetron, penyanyi, politikus, ulama, guru, jeung nu lainna.

    Samemeh hidep kagilira nyaritakeun tokoh idola masing-masing, titenan ieu di handap conto nyaritakeun tokoh idola, nu dicaritakeun ku Asep jeung Imas siswa kelas VII. Asep ngaidolakeun Taufik Hidayat, ari Imas idolana teh Wina Juliana nu ngalagukeun Neangan Indung.

Asep


     Tokoh idola simkuring, nyaeta Taufik Hidayat, nu kasohor jago badminton ti Pangalengan Kabupaten Bandung.

     Taufik Hidayat lahir di bandung, tanggal 10 Agustus 1981, putra bapa Haris jeung Ibu Enok Dartiah. Ti keur leutik keneh Taufik geus resep kana badminton tur dihucuhkeun ku kolotna.

     Pa Haris ngasupkeun Taufik ka klub SGS Bandung, nu dipingpin ku Bapa Lutfi Hamid, nu ngalatihna di klub SGS teh nya eta pa Ii Sumirat, urut pamaen badminton nu kungsi nyeungitkeun bangsa jeung nagara, nu asalna ti kota Bandung. Ti mimiti ngalatih Taufik Hidayat, pa Ii Sumirat geus ningali bakt nu nyongcolang nu dipimilik ku Taufik Hidayat, anjeuna yakin yen Taufik Hidayat bakal jadi pamaen anu alus tur kasohor, bisa nepi ka jadi juara dunya.

     Kayakina pa Ii Sumirat yen Taufik Hidayat jadi pamaen badminton nu alus jeung kasohor kabuktian, ti mimiti asup ka tim Pelatnas PBSI, prestasi Taufik beuki nyongcolang, tug nepi ka jadi juara Olympiade Athena taun 2004. Sanggeus juara Olympiade Athena prestasi Taufik beuki nanjeur pan taun 2006 oge Taufik jadi juara dunia.

     Salain ti juara Badminton, Taufik Hidayat teh kasep, matak pantes mun loba mojang nu marebutkeun, boh mojang ti kalangan biasa boh ti kalangan selebritis.

Imas


    Tokoh idola abdi mah Wina Juliana eta penyanyi pop sunda nu ngahaleuangkeun lagu "Indung" ciptaan H. Uko Hendarto.

     Wina lahir ti Bandung, tanggal 4 Juli 1992 putra bapa Ma'mun Husen jeung Ibu Lilih Tarliah. teng manuk teng anak merak kukuncungan. Ibuna resep ngawih, Wina oge resep ngawih ti aalit tur dirojong ku Ibuna. Wina kantos janten pinunjul kahiji pasangsiri pupuh nu digelar di UPI Bandung.

     Ti saprak janten pinunjul kahiji dina eta pasangiri Wina tiasa nembus dapur rekaman kalayan terus diaping ku Ibuna. Tug dugi ka lagu "Indung" anu diproduksi ku Valentino Jaya Abadi kaitung sukses tur kalandep ku balarea. Tangtos bae, kuayana sukses ngahaleuangkeun lagu "Indung" ieu mojang teh sering di ulem manggung . Kasopanan  dinu panggung nu dipimilik ku Wina nu matak loba nu fans ka manehna. Ayeuna Wina siap ngalakonan kaexsisannana di dunia pop sunda, ku ayana Wina ngajadikeun sabuah upaya ngabangkitkeun deui seni sunda di masyarakat.


 Nah diluhur eta mangrupakeun salah sahiji conto nyaritakeun tokoh idola, dinu materi diluhur urang kudu bisa ngungkapkeun pikiran, rarasaan jeung kahayang keur nyampaikeun bahasan titenan nyaritakeun tokoh idola.

Share this

Related Posts